BLOG URANG SUNDA

Teu puguh aing kudu nyarita naon !!!!
Teruskeun maca …

Teuing naon atuh… kitu maksudna judul postingan teh, ngan salah ngetik  meren nya, ma’lum kakara deui nyabakan kibor, ni asa karagok !!!!

Alangkah betapa bangeut pisan lilana kuring teu nyieun postingan, mun seug rek diitungah timimiti ahir taun 2012 nika ayeuna… geus sabaraha taun boa, tapi aay aeh aya ku bageur nya blogger teu ngahapus blog uing ieu?!

Sihoreng simana horeng, eta nu boga blog ieu teh geuning masih keneh dulur parurundayan, ari nasab teh jeung uingah teu beda akurna, nu jelas mah bapa kuring jeung bapa manehna teh bapa-bapa we kituh… paingan bageur nya!

AAAH lain eta maksad kuring rek nyieun postingan teh ! na bet kainya ngemeng teh?!? kieu sih tujuanna mah, apan kuring teh tibaheula nyieun ieu blog teh, geus aya 3 taun katukang, teu dibuka-buka puguh da uing teh sibuk kapan uing digawe 2 taun di malesa, di johar kitu tah… jadi boro-boro muka apalagi bikin postingan, nu puguh sibuk nyiar kabogoh ngarah bisa kawin jeung duit. Kiwari kuring geus cinek deui di inonesa, barang muka ieu blog,,,,eeeeeh geuning aktip keneh! aya keneh! aya ku bageur nya nu boga blog teh!! ari sihoreng teh da geuning kapidulur keneh…. haaar??? na kainya dai?

Jeung ku alhamdulilah na teh, para pemirsa jeung para pembaca setia blog ieu masih keneh araya…wuk uing ngaturkeun nuhun kasadayana nu masih satia selalu mengikuti blog ieu!!! padahal euweuh nanaon oge, jelema teh harayang weeee asup kana ieu blog teh, da puguh meren pedah kuring nu bogana… nuhun…nuhun…

Dina mangsa anu lugina ieu, poe senen tanggal 15 september tahun 2014, mun bulan urangna mah Hapit 1435 Hijrah tateh, jam isuk-isuk, bari ngopi jeung udud….. ke..ke… naha ari dina ieu cangkang udud aya gamar naun? rujit aing neuleu na ge!!! kasebelan tah pamarentah! Cangkang udud wae oge make kudu aya lukisan biwir jeding pinuh ku borok, majarkeun teh kangker payudara aeh kanker biwir cenah! Na ai biwir osok kanker kitu? sakanyao uingah biwir mah sok barusuh wungkul!!! Jeung biwir mah ceuna geh teu di wengku, atuh letah teu tulangan…eta mah paribasaaaa atuh jaaaaang!!!

Heuh da teu resep uingah, asa ku loba protes sagala, pirage udud! na meni kudu jadi nyieun goreng kitu pamarentah jeung rahayat teh??? padahal napsi-napsi we atuh, nu sok udud sing garenah arududna, atuh nu tara, na meni sok sirik?? ari teu kabeuli mah montong sok nyieun tarekah batur ulah udud atuh!!! Kadar ngaganggu kasehatan ceunah? na meuni eleh kunu ngaganggu??? kos lin kolot wae??? unggal poe di ganggu ku budakna oge, tara bet ieuh nyieun gambar dina awak budak,,, gambar jurig sugan? meh budak teu ogo? da tara atuh!!! paling budak dipapatahan, teu ngawaro, disintreuk, dalah kitu mana-mana budak ceurik ge, diupahan deui… dibere duit, dijajanan, dibawa ulin jeung sajabana sangkan budak teu ceurik deui.

Ari pamarentah urang? nu ngatur kasehatan tah!!!! beungeut ilaing tibang kur bisa nyeurikan tukang udud wungkul !!!! ari ngupahan nana teu bisaeun…… SOK AING DEUK EUREUN UDUD !!!! ASAL AING UPAHAN,,,,BENGSIN GRATISKEUN, SAHANTEUNA TURUNKEUN HARGANA JADI 1000 PERAK !!!! (sssst…ngarah harga roko ge jadi milu turun)

Kusing tuda neuleu gamar teu paruguh na cangkang udud! Mun uing boga pabrik roko rek diganti da ku gambar BOKEP sakalian!!! heuheu… Manasina jelema nu sakali ngeyot udud biwirna jeding harita keneh, apan ieu mah hanteu! Uing udud timimiti na kakandungan inung nika ayeuna, teu jeding-jeding, ai lain katenggar stang motor mah! Puguh da eta mah menyebabkan kanker biwir, yeuhhhhh ai sabab mah loba atuh, ceuk uing jelema anu sungutna sok ngaledek kanu tukang udud ge eta menyebabkan kanker mulut, sakalian jeung payudarana tah!!!! Merokok dapat menyebabkan kebakaran? ai kompor gas??? Teu neuleu berita sugan?!? Tempo aya weh na metro tipi tawa tipi wan, sugan “telah terjadi kebakaran akibat merokok”, mun gagara kompor gas mah, namru! bosen ngareungeu berita kitu mah. Naha dina kompor gas euweuh gambar imah kaduruk??? himeng aingah!

Ceunah “Merokok dekat anak berbahaya bagi mereka” bahaya mana jeung korek api? apan na cangkang korek euweuh gamar budak tutung sesa kaduruk!!! lobalah gamar-gamar jeung omongan teu kaharti dina cangkang udud… padahal tatangga uing kamari karumah sakit tuluy nika maotna, gagara noron tilu poe ngadaang kadu, das karesepna, Naha kungsi nempo cangkang kadu aya merekan “ULAH MINENG NGADAANG AING, BISING PAEH”, cindeukna mah loba sabab mah, sabab geuring loba, sawarehna huhujanan, papanasan… tapi da dina ci hujan jeung panon poe tara bet ieu make tulisan sumawona gamar….

Padahal sabaraha eta biayana nyieun tulisan atawa gamar wawadulan kos kitu? uing wae oge ngeprint foto beak 10 rebu mah, baring nang 5 siki gambar, ari ieu rebuan malah jutaan gambar di print dina cangkang udu? sabaraha boa eta beayana??? beu,,,, eta tah ngawur-ngawur duit mah! mubadir tateh… kalah ngabalikeun fakta majar tukang udud anu ngamubadirkeun harta mah… Ari nyieun gedung nagara, mobil pamarentah, jeung sajabana hanteu mubadir kitu??? deuleu di lemur uing, kantor desa sakitu weweg jeung tohagana, beak sabaraha biaya ngawangunna? mahi keur nyieun saung jalma teu boga 10 sikieun mah… mangpaatna? carek aya jelema asup ge mani geus ditanya itu jeung ieu, komo mun rek milu rereb he’es!?! Majar teh lain hotel! Gede keneh masigit mangpa’atna mah…. saha nu nanya ilaing mun asup ka masigit? paling dicurigai rek maok koropak!!!

Alhasil uingah teu satuju euy,,,cangkang udud digambaran kitu teh…. mudah-mudahan kamarentah urang leuwih adil jeung bijaksana dina bab ieu. Jeung sing bisa ngaragangan kanu tukang udud, da tukang udud ge gableg emutan manya ngepohkeun hasep udud kana irung budak! Oge carekna geuring mah pasti areureun… da uing ge sakalieun salesma meesan, geus teu ngeunah udud teh! tuluy uubar ka dokter, pas dipariksa…. ceuk dokter gagara udud ceunah, puguh kahujanan!

Teruskeun maca …

Cara ini memang sangat berguna bagi anda yang sudah bosan dengan komputer atau leptop, masalahnya hampir seharian penuh nongkrong depan layar jadi sebelum ditinggalin tentunya harus dimatiin duyu ntu pc or tengtop agar gak borosin energi laaah... caranya cabut kabel yang tersambung dengan listrik, atau batrei dari leptop anda, mudah kaaan??? Dengan cara ini saya yakin komputer anda akan mati mendadak!!! atau ada cara lain yang memang agak sedikit rumit.... pertama kita anda harus pergi dulu kepojok layar anda, kalo windows 8 sih sebelah bawah-kanan, defaultnya. Kalo windows-windows sebelumnya anda cukup bertanya "kenapa gué terus baca postingan ini?" Udah ketemu? Lalu klik SETTING, trus ada tulisan POWER (yg gambarnya kayak mulut makan biskuit), ya uda pijit aja yang keras tu tulisan, lalu klik SHUTDOWN, uda gitu tunggu aja beberapa jam, komputer anda akan segera mati.
Ribet khaaaan???
Tinggal pilih aja! Mo cara yg pertama? ato yg kedua? Terserah YANG PENTING KOMPUTER KITA MATI !!!

Kalo anda suka dengan artikel ini silahkan tinggalkan komentar dan dompet anda.
Teruskeun maca …

test test mecakan we ieu mah ieu templet alus teu nya euy
Teruskeun maca …